Pages

2009-05-13

TEST POSTING VIA EMAIL

Teu beda jeung Bang Toyib, geus tilu kali lebaran Steven Cungahgore teu mulang mulang kalemburna, di Bojong kenyot. Cenah, lain teu hayang nurutan jiga batur anu mulang saban lebaran atawa saban bulan, kalan kalan aya nu saban minggu sagala, ngan manehna geus wakca mun can sukses moal waka balik.

Urang Bojongkenyot mah geus paraham lamun balik ti panyabaan geus mawa mobil weuteuh atawa ngiringkeun pamajikan satilu tilu, geus dianggap jalma sukses. Biasana waktu lebaran nembongkeun kasuksesanana teh.

Balukarna sapoe ka lebaran di Bojongkenyot jadi heurin ku kandaraan, sapaparat jalan diunggal buruan pinuh ku mobil weuteuh, malahan gigireun paranje ge beak kuparkir. Kitu deui jadi heurin ku nu barahenol,unggal waktu aya we nu balawiri, meureun nu eta ge daratang tikota bawa urang Bojongkenyot anu geus sukses.

Geus cunduk kana waktuna lebaran taun ieu Steven Cungahgore nohonan jangjina, balik kalembur kalayan ngaringkid honda jazz kelir beureum moronyoy pikabitaeun. Beja nu sumebar, cenah Steven Cungahgore kiwari geus jadi jalma sukses alatan jadi kolektor dompet antik, padahal nu saenyana dompet nu sakitu ngaleunyana lain hasil tina usaha nu sawajarna, tapi hasil tina 3C, Cupat Copet Capit, kitu deui mobil nu dibawana ngan ukur mobil rentalan.

Pamikirna daripada kapahung saumur umur teu bisa balik dipangumbaraan, leuwih hade gudar gedor,najan tekor tapi sohor. Panampilanana ge beda pisan jeung Steven Cungahgore tilu taun katukang basa manehna nek indit kakota, ayeuna mah awakna ge pinuh kutato kayaning gambar keuyeup, kalajengking, hurang, sendal capit jeung gegep, diluyukeun jeung hobina, cupat capit.

Harita pas poe lebaran pisan, sabada sungkem jeung indung bapana Steven Cungahgore gura giru indit ka kuburan akina nek nadran sakalian nek komplen lantaran baheula akina kungsi mere jangjawokan pikeun mikat wanoja, ngan pas dipraktekeun ka saurang wanoja manan kapincut kalahka nyiduhan.

Tilu jam lima belas menit Steven Cungahgore ngalelengkur diluhureun pajaratan akina, ngirim doa nepikeun ka luut leet kesang, nincak ka doa panutup, ngadadak pundukna aya nu noel. "Lain ieu kuburan aki maneh mah atuh, tuh nu itu!" Ceuk mang Jhoni Kober anu sapopoena purah ngagali kubur, mere nyaho. "Maenya mang, atuh lapur ngadeluk ngadoa meunang tilu jam teh kudu diulang timimiti deui, da salah sasaran!" Tembal Steven Cungahgore bari muru kuburan anu dituduhkeun ku mang Jhoni Kober, gog cingogo. "Copy pastekeun we euy doana tinu tadi meh teu cape!"Jhoni Kober mere ideu. "Aeh enyanya, ideu bagus tuh!" Tembal Steven Cungahgore serengeh.
Lir selebritis, sorena Steven Cungahgore ngayakeun open house, pangeusi lembur tumplek daratang, kaasup para wanoja anu ngadadak sing darilak hayang dipikaasih ku manehna. Wanoja nu baheula nyiduhan ge katingali aya "Dulu boleh bertingkah, tapi sekarang sudah waktunya bertekuk lutut!" Gerentes Steven Cungahgore bari neuteup anteb.

Lebaran poe kadua Steven Cungahgore ngabedahkeun balong akina. Sapopoe ngeueum dina cai tur paguley jeung leutak, pas hanjat tato gegep jeung sendal capitna luntur, anehna tato keuyeup, hurang jeung kalajengking mah teu luntur, ngan robah jadi gambar geleng dage.

Sanggeus lima poe dilembur, poe kagenepna Steven Cungahgore balik deui pangumbaraanana,pas nepi, teu langsung kapondokna tapi langsung ka terminal, maksudna nek menta dihampura sugan we cenah panggih jeung jalma jalma anu kungsi dicopet ku manehna baheula. Hayang alih propesi Steven Cungahgore teh, ngan nek investasi di pasar modal kaburu krisis global, nek jualan,cenah ceuk ahli weweton teu cocog, nek jadi kuroptor naon nu dikorupsina, nya kapaksa ngagugulung deui propesi heubeul, sakalian nyalurkeun hobina nyaeta 3C, Cupat Copet Capit. Hasilna cenah jeung modal kawin, meh unggal poe bisa 3C oge, Culak Colok Celengok! Beu!

0 komentar:

Post a Comment

Komentar Anda sangat berharga bagi Saya. Silakan berkomentar ...